بِسْــــــــــــــــــــــمِ اللّهِ الرَّحْمَنِ الرَّحِيْمِ
SELAMAT DATANG DI BLOG SMAKKOSKA

Senin, 20 Mei 2013

Sungkeman



Ujang...,
Nyai....,
hidep anu kungsi diiring ku kawih asih, balabuhna dasar katineung, gupay kelar enteupna geugeut kameumeut, anu disungging dina permadani, asih nu diipuk na jajantung, mangkak dina taman katresna, kiwari hidep parantos bade paturay, hidep bakal pisah, bakal pajauh.

Kumargi kitu Bapa sinareng Ibu titip,



Ujang-Nyai mun seug hidep parantos mulang deui sareng lingkungan kulawarga, masyarakat, nagara, nusa sareng bangsa, poma Ujang-Nyai, hidep sing bisa ngajagi diri, ngaraksa salira, sing lantip budi, hade tata, hade basa sing nyaah, deudeuh ka sasama, ka kadang warga, ka masyarakat ka nusa, bangsa sareng agama.

BIANTARA KEPALA SAKOLA DINA RARAGA GUPAY TINEUNG











Assalamualaikum wr. wb

Tipayun mangga urang sami-sami panjatkeun puji sareng syukur ka hadirat Allah SWT. Nu mana dina kasempatan ieu urang sadaya tiasa ngumpul dina kaayaan sehat wal’afiat.
Shalawat sareng salam mugia dilimpahkeun ka jungjungan urang sadaya Nabi Muhammad SAW, teu hilaf ka kulawargana, sahabatna, oge ka urang sadaya salaku umatna anu Insya Allah taat kana ajarannana, Amin yaa robbal alamin.

Nu dipihormat Bapa-Ibu Pengurus Yayasan LEPPINDO Kab. Karawang,
Nu dipihormat Bapa Ketua Komite Sekolah SMA-SMK Kosgoro Karawang,
Nu dipihormat Bapa Kepala Sekolah SMA-SMK Kosgoro Karawang,
Nu dipihormat Bapa-Ibu Guru sareng jajaran staf Tata Usaha SMA-SMK Kosgoro Karawang.
Sareng teu hilap ka para hadirin tamu undangan, para alumni sareng para sepuh kelas XII nu tos kersa rurumpaheun ngarojong acara ieu.

Hadirin sadaya anu ku sim kuring dipihormat, langkung tipayun sim kuring asmana panitia pentas seni sareng temu kangen reuni seja ngahaturkeun rebu nuhun laksa keti kabingahan, bingah kagiri-giri, bingah amarwata suta, bingah anu taya hinggana, sanggem paripaos tea mah sim kuring teh asa mobok manggih gorowong, asa ditonjok ku congcot, rehna dina danget ieu tiasa patepung lawung, paamprok jonghok, patepang raray sareng para ibu-bapa sadaya dina raraga gupay pangjajap medal cita-cita nu agung kanggo murangkalih siswa-siswi kelas XII SMA-SMK KOSGORO KARAWANG.

Para Ibu-Bapa sadaya, menggah pamaksadan sim kuring teu aya sanes nyaeta seja nyukcruk galur diluluhur, mapay lacak anu baheula, tatali paranti warisan ti nini-aki. Nu mawi tebih diungsi, anggang di teang, sanes lantung tambuh laku, sanes datang tanpa beja, sim kuring seja malikan carita anu tiheula nu kungsi dipake carita nyaeta rehna para Ibu-Bapa nitipkeun, nyerenkeun para putra-putrina ka SMA_SMK KOSGORO, nyatana supados tiasa di didik, di atik, di bina, di bimbing, di paparinan pelajaran anu dugi ka danget ieu 3 taun parantos kalangkung. Alhamdulillah...., danget ieu parantos bade rengse, kalayan mung sakitu kamampuan sareng katiasana, mung sakitu buktosna anu mudah-mudahan aya mangfaatna, khususna kanggo marurangkalih sadayana, umumna mah kanggo keluargana, masyarakatna, agamana, nagarana, nusa sareng bangsana.

Namung dina hal ieu sim kuring asmana Bapa-Ibu guru neda sihampuntena boh bilih dina salami ngadidik, ngatik, ngabimbing, ngabina para putra-putri Ibu-Bapa sadayana aya dina kakirangan sinareng kalepatanana, atuh boh bilih aya anu kagitik ku pangatik, kahajar ku pangajar, pamugi ageung sihampuntena, da sentak polototna bapa sinareng ibu guru teh sanes keuheul atanapi ngewa tapi bakat ku nyaah deudeuh kanu janten muridna.

Para ibu-bapa sadayana kumargi kitu, sim kuring asmana bapa-ibu guru SMA-SMK KOSGORO seja nyanggakeun sejak masrahkeun deui para putra-putri ibu-bapa sadayana, ti luhurna sausap rambut, di handap sausap dampal, getihna satetes, rambutna salambar, tur ambekanana sadami, kalepatanana sinareng kakiranganana sumangga nyanggakeun.

Salajengna khusus kanggo marurangkalih anu bade paturay tineung, tambi lengoh kalempohan, tamba mulang ngalongkewang, sasieureun, sabeunyeureun, mugia janten barokah, ieu mah etang-etang tawis kanyaah, kadeudeuh sinareng katineung ka marurangkalih sadayana.

Parantos niti wanci nu mustari ninggang mangsa anu utama, parantos anjog kana waktos anu diantos-antos, dinten ieu Saptu kaping 18 Mei 2013 hidep bakal pisah hidep bakal pajauh, pileuleuyan-pileuleuyan, sapu nyere pegat simpay, pileuleuyan-pileuleuyan paturay patepang deui. Pileuleuyan-pileuleuyan anaking bral…. Bral geura miang.

Rupina sakitu nu kapihatur, hapunten sagala rupi kalepatan sareng kakiranganana, beber layar poe anyar, lulus banglus ginuluran, tebih tina marganing balai, anggang tina sagala gogoda disarengan luhur kuta gede dunya, bagja dunya rawuh akheratna.

Wabilahitaufik walhidayah wassalamu’alaikum wr.wb

Kamis, 02 Mei 2013

INFO PENERIMAAN PESERTA DIDIK BARU

Tidak terasa sudah hampir kenaikan kelas lagi untuk tahun pelajaran 2012/2013, Itu artinya sudah hampir dekat lagi dengan PPDB untuk Tahun Pelajaran 2013/2014.
Nah ini sedikit informasi tentang PPDB di SMA-SMK Kosgoro Karawang :

Untuk Informasi lebih lanjut bisa datang langsung di : 
Kampus SMA-SMK Kosgoro Karawang
Alamat : Jl. Tampomas Dalam No.2B Karang Indah-Karangpawitan  (Karawang)